Tampilkan postingan dengan label Lubang. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Lubang. Tampilkan semua postingan

Senin, 24 April 2017

Aki Kokoro



Aki kokoro kapungkur sok resep atanapi hoby kana ngagere atanapi ngajujul ngala lubang mapay-mapay wahangan cipalebuh ti kawit batu bangkong mapay kagirang dugi ka gulanjeng. Hiji waktos Aki kokoro nuju ngagere atanapi ngajujul ngala lubang ngadak-ngadak palay kabeuratan, atuh porosot Aki kokoro morosotkeun kolor, gog nagog cingogo dina bantar kabeuratan. Sajeroning cingogo kabeuratan emutannana mah ngimpleng kana lubang bari rurat reret ka kenca ka katuhu, barang ngareret kapengker Aki kokoro ngarenjag margi dipengkereunnana pisan aya lubang nyangheuy dina batu nyinghareup ka hilir. Teu ageung lubangna mah kinten-kinten sahandapeun pigeulang panangan. Rumpu rampa nyabakan bedog bade ngadek lubang Aki kokoro teh, tapi teu aya da hilap teu nyandak bedog, teu eleh geleng Aki kokoro teh gep kana batu saluhureun peureup anu maksadna bade mekprek hulu lubang anu nyangheuy dina batu pengkereun Aki kokoro tea.
Na da eta mah teu antaparah deui, habek hulu lubang teh ku Aki kokoro dipekprek, ana habek dipekprek ana koceak Aki kokoro ngoceak, sing horeng anu dipekprek ku Aki kokoro teh hulu lubang Aki kokoro nyalira, da basa nuju kabeuratan bobogaan Aki kokoro katebak cai kahilireun Aki kokoro nuju kabeuratan. Da kitu bobogaan Aki kokoro mah nya badag nya panjang boreleng akur sareng lubang wahangan..... @AkiKokoro