Ucup diuk sorangan di bar… teu lila, babaturanana nu ngarana Tatang asup ka kafe bari nangkeup 5 awewe nu gareulis.., tuluy diuk, gayana jiga bos raja minyak, heureuy cakakakan bari bolak balik cipika cipiki, nyieun panas hate…
Ucup ngabatin, “Iraha nasib urang teh jiga si Tatang, boro-boro lima awewe, hiji we ge teu gableg…”
Pas Tatang leumpang ka bar, Ucup aya kasempatan nanya: “Tang.., kumaha carana maneh bisa ngagaet 5 awewe nu gareulis kitu..?”
Tatang: “Ulah dicaritakeun ka sasaha nyaa.. ku urang dibejaan rahasiana… kadieu urang harewoskeun… mun maneh datang kadieu deui, samemehna diuk, alungkeun gantungan konci mobil kana meja bar, pasti awewe2 ngadatangan maneh… ”
Ucup : “Tapi urang teu boga mobil, ngan boga motor butut nu knalpotna sok coplok tea..”
Tatang: “Maneh mah ngan perlu gantungan konci mobil!! ..yeuh deuleu ku maneh… urang boga gantungan konci Jaguar.. ngan ieu hungkul modal na….”
Isuk peutingna, Ucup bari petantang petenteng asup ka kafe.. Tatang geus aya di kafe, diuk bareng 3 awewe nu gareulis…”
Ucup langsung ka bar bari ngalungkeun gantungan konci FERRARI ka meja bar… euweuh reaksi saeutik oge…”
Konci dicokot deui, tuluy disakuan.. keur kitu aya awewe ngaliwat, konci di alungkeun deui ka meja bar.., euweuh reaksi deui, malahan disengseurikeun…
Tatang nu tita tadi nempo kalakuan Ucup, langsung ngadeukeutan.., bari ngaharewos : “Maneh teh kumaha….???? BUKA HEULA HELMNA BELEGUG...!!!"
😁😅😀😃
Tidak ada komentar:
Posting Komentar