Kamis, 20 April 2017

Di Cafe

Ucup diuk sorangan di bar… teu lila, babaturanana nu ngarana Tatang asup ka kafe bari nangkeup 5 awewe nu gareulis.., tuluy diuk, gayana jiga bos raja minyak, heureuy cakakakan bari bolak balik cipika cipiki, nyieun panas hate…

Ucup ngabatin, “Iraha nasib urang teh jiga si Tatang, boro-boro lima awewe, hiji we ge teu gableg…”

Pas Tatang leumpang ka bar, Ucup aya kasempatan nanya: “Tang.., kumaha carana maneh bisa ngagaet 5 awewe nu gareulis kitu..?”

Tatang: “Ulah dicaritakeun ka sasaha nyaa.. ku urang dibejaan rahasiana… kadieu urang harewoskeun… mun maneh datang kadieu deui, samemehna diuk, alungkeun gantungan konci mobil kana meja bar, pasti awewe2 ngadatangan maneh… ”

Ucup : “Tapi urang teu boga mobil, ngan boga motor butut nu knalpotna sok coplok tea..”

Tatang: “Maneh mah ngan perlu gantungan konci mobil!! ..yeuh deuleu ku maneh… urang boga gantungan konci Jaguar.. ngan ieu hungkul modal na….”

Isuk peutingna, Ucup bari petantang petenteng asup ka kafe.. Tatang geus aya di kafe, diuk bareng 3 awewe nu gareulis…”

Ucup langsung ka bar bari ngalungkeun gantungan konci FERRARI ka meja bar… euweuh reaksi saeutik oge…”

Konci dicokot deui, tuluy disakuan.. keur kitu aya awewe ngaliwat, konci di alungkeun deui ka meja bar.., euweuh reaksi deui, malahan disengseurikeun…

Tatang nu tita tadi nempo kalakuan Ucup, langsung ngadeukeutan.., bari ngaharewos : “Maneh teh kumaha….???? BUKA HEULA HELMNA BELEGUG...!!!"

😁😅😀😃

Selasa, 18 April 2017

Senin, 17 April 2017

Kopi Hideung

 Kopi Hideung

Memeh ninyuh kopi hideung buka heula cangkang kopina tuluy asupkeun cangkangna kna geulas terus tinyuh ku cai panas anu panasna leuwih panas tibatan po2tongan dikawin batur, kakara weh kopina piceun kna wadah runtah mun hideungna mh pek weh keur maneh..

Gepuk

Gepuk

Gepuk sabarahaan a..
+ 8rb teh..
- Meni laleutik nyak 8rb th..
+ Oh resep nu ageung nyak, pmi nu abi mh insya alloh ageung teh..
- Hahah.. Ah c'aa mh.. Wios eta weh 2 a..
+ Dupi nu abina bd teh..
- Eh.. C'aa mh sok ath tpi hoyong 2 nyak..
+ Emm.. Mung aya hiji teh..
- Ah ke we ath pmi ts aya 2 nyak a..
+ @?#!?#%*?

Incu

 Incu

Bu, eta th putu ?
Sumuhun cep !
Naha teu ngahiung geuning ?
Kumaha bebegug sia weh..
Euleuh eta c'ibu muni atoh kitu nyebat bebegug !
Bae da beuki..
Heup Weh.

Sora Alus

Sora Alus

Padahal boga sora alus mh cenah aya bakat mun muka pangkas rambut atawa jadi tukang cukur eta manuk th lur.. Heuheu.

Antara Gajah jeung Telepon Koin

Antara Gajah jeung Telepon Koin

         Aya salaki jeung pamajikan, si beuteung na teh geus garendut pisan , maklum lah jelema aya sagala loba kadahareun na. mun di imah na teh pabalatak kadahareun teh .... tah manehna teh keur ngobrol weee di teras imah na , paduduaan ....... si pamajikan na teh nanya ka salakina ......... 
Ibu....** pak ari tina beuteung bapak naon meuni gendut kitu ....eta teh naon eusina......?? 
Bapak....** ih jerona mah gajah bu , tah ieu tulalena ......bari morosotkeun sarung na ... ari tina beuteung ibu naon eusina ..meuni gendut oge .....
Ibu.....** ih ari si bapak........ ieu mah jerona telepon koin , tah ieu paragi ngasupkeun koin na ...... bari morosotkeun anrok na ...... 
Bapak.....** kumaha bu tiasa tulale gajah ngiring telepon...... 
Ibu ....** mangga pak hayu atuh dinu salse......bari jeung atoh eta si ibu teh ....